• #
  • #
  • #

Hp di jero sakolaan

Pa, Wahyu ngaguruan di salahsahiji sakola anu kawilang elite, murid muridna ampir kabeh ka sakolana marawa hp, atuh puguh we samemeh diajar sora hape meni recet disarada. Jam pelajaran kahiji, pa' Wahyu kabagean ngajar dikelas anu murid muridna rada barengal, ti rohangan guru gandeang pa' Wahyu nuju karohangan kelas,ningali ringkang ringkang guru datang, murid murid dijero kelas ngadadak jempe kawas gaang katincak.

" Selamat pagi anak anak !" ceuk pa' Wahyu basa lol ti lawang panto.
" Pagiiiiii....paaaaaak !" jawab murid meni reang.
" Samemeh neruskeun palajaran bapa nek mere wejangan heula ka haridep, sakumaha anu geus kauninga sakumna umat Islam ayeuna keur ngajalankeun ibadah puasa, puasa teh salahsahijina ngalatih kadisiplinan, jadi timimiti poe ieu masalah kadisiplinan kudu ditingkatkeun, utamana lamun keur dijero kelas,ulah ngobrol lamun bapa keur nerangkeun kitu deui anu marawa hape kudu di-off-keun heula, sabab bisa ngaganggu katenangan diajar, saha wae anu ngalanggar paraturan ieu bakal dibere sangsi, ngartoooss ?!" ceuk pa' Wahyu bari nyiapkeun bahan palajaran

"Sangsina naon pa ?" tanya Oneng sorana halimpu, ma'lum bentangna kelas eta.

"Lamun kanyahoan ngobrol waktuna diajar atawa kadenge aya sora hape, wayahna kudu kaluar tikelas, tah paraturan ieu berlaku jang saha wae, teu pilih kasih !" tembal pa' Wahyu Can acan garing biwir pa' Wahyu ngomong kitu, di bangku tukang aya hape ngirining, kabeh marelong ka Usep, sabab sidik pisan sora teh datangna timanehna.

"Punten pa....ieu aya sms ti pun biang, naroskeun, saurna kanggo buka engke hoyong sareng kolek naon !" Usep sasadu.

"Alesan wae...kaluar maneh Usep !" ceuk pa' Wahyu curukna bentik nunjuk kaluar.

"Tah...tah...hape saha deui nu disada ?" pa' Wahyu curinghak
"Nu abdi pa...ieu rerencangan ngajak buka bersama !" Oded buru buru ngaku
"Oded...tuturkeun tuh si Usep !" kiyingking si Oded kaluar Ningali geus dua urang nu keuna sangsi,murid sejenna anu bogaeun hape buru buru nga-off-keun hapena, tapi teu kungsi lila pa' Wahyu curinghak deui lantaran kadenge deui aya nu disada.

"Aduuunnnn....kaluar !" ceuk pa' Wahyu bari nunjuk ka si Adun

"Punten pa...abdi mah teu gaduh hape...upami teu percanten mangga we parios !" beungeut si Adun ngadadak beureum.

"Nya naon atuh anu tadi disada ?" tanya pa' Wahyu semu heran

"Eu..anu pa..kamari teh waktos buka puasa nuang kolek hui cilembu seueur teuing,janten dugi kaayeuna ngulibek wae !" tembal si Adun bari nepakan beuteungna.

"Aneh...maenya sora hitut kawas ringtone lagu "asereje" aneh !" pa' Wahyu ngan ukur bisa gogodeg.

"Huuuuuuhhhhh!" kaayaan kelas ribut deui
"Geus..geus...jempeeee !" ceuk pa' Wahyu bari ngagedor meja, jep kaayaan dikelas simpe, tapi teu kungsi lila geus der deui kadenge aya hape nu disada.

Kabeh murid culang cileung, terus silih pelong jeung pada baturna,panon pa' Wahyu mureleng,sirahna dengdek ngadedengekeun sora hape timana jebulna, tapi lila lila paroman pa' Wahyu robah bari pok ngomong ka murid muridna kawas nu era.

"Hehehe...geuning nu disada teh hape bapa, mun kitu mah...anak anak belajar sendiri yah !" bari kulumas kelemes, leos kaluar.
"Horrrseeeeehhh!....asik euy !" kelas ricuh, sora hape patembalan deui.

0 komentar:

Posting Komentar

 

Home | Blogging Tips | Blogspot HTML | Make Money | Payment | LBS Review

Bewara Sunda © Template Design by LBS | Publisher : Templateku